السلام عليكم و رحمة الله و بركاته Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat. 1 Nabi urang saréréa, Kangjeng Nabi anu mulya, Muhammad jenenganana, Arab Kurés nya bangsana. 2 Ramana Gusti Abdullah, Ibuna Siti Aminah, dibabarkeunna di Mekah, wengi Senén taun Gajah. 3 Robiul awal bulanna, tanggal ka-dua belasna April bulan maséhina, tanggal kadua-puluhna. 4 Ari bilangan taunna, lima ratus cariosna , tujuh puluh panambihna, sareng sahiji punjulna. 5 Siti Aminah misaur, waktos babarna kacatur, ningal cahaya mani ngempur, di bumina hurung mancur. 6 Parangina Kangjeng Nabi, jatnika pinuh ku puji, pinter tur gedé kawani sabar nyaah ka sasami. 7 Keur opat taun yuswana, diberesihan manahna,...
Komentar