Langsung ke konten utama

NADZOMAN SYAHADATAIN







السلام عليكم و رحمة الله و بركاته


Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat.

أَشْهَدُ اَنْ لَا اِلهَ إِلَّا اللهُ – وَ أَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ اللهِ
أشهد : Neqadkeun abdi kalayan ma’rifat sareng tashdeq.
أن :Kana saestuna kalakuan sareng tingkah.
لا اله :Teu aya deui Pangeran anu maojud anu wajib diibadahan anu haq :dito’atan parentah sareng laranganana.
الا الله ;Anging Gusti Allah.
و أشهد :Sareng neqadkeun abdi kalayan ma’rifat sareng tashdeq.
أن محمدا :Kana saestuna Kanjeng Nabi Muhammad.
رسول الله :Eta utusan Allah. 
 
Ari patokan Ma’rifat eta kieu:

ٳدراك جازم بحيث لايقع معه تردد موافق للواقع ناسع عن دليل 
Hartosna:Pamanggih anu jazim nu teu keuna owah gingsir anu akur jeung buktina nu timbul tina alesan.
Ari patokan Tashdeq eta kieu:

مع الإدعان و القبول
Hartosna: Dibarengan pangakuan sarta panarimaan.
Ari Shegat tashdeq eta kieu:

رضيت بالله ربا و بالاسلام دينا و بمحمد نبيا و رسولا و بالقرآن إماما و بالمؤمنين إخوانا


Hartosna:
رضيت: Ridlo abdi
بالله: Ka Gusti Allah
ربا: Abdi mangeran
و بالاسلام: Sareng kana agama Islam
دينا :Abdi ngaagami
و بمحمد :Sareng ka Kanjeng Nabi Muhammad
نبيا: : Abdi nganabi
و رسولا : Sareng abdi ngarosul
و بالقرآن : Sareng kana Al-Quran
إماما : Dipake padoman
و بالمؤمنين: Sareng ka jalmi anu iman
إخوانا : Abdi duduluran.


NADZOMAN SYAHADATAIN



Syahadat dua bagian
Kahiji syahadat syar’an
Kadua syahadat munjin
Kade kudu telik pisan

----------------------------------------
Ta’rifna syahadat syar’an
Bisa disebut mu’minin
Mungguh hukum kadunyaan
Kaya halal peupeuncitan
---------------------------------------
Halal ditikahkeun nana
Kajalma anu islamna
Jeung halal nampa warisna
Tijalma anu islamna
---------------------------------------
Ari mungguhing allohna
Jeung mungguhing aheratna
Kudu terus jeung munjinna
Engke penjelasannana
------------------------------------------
Kangjeng nabi tosnyaurkeun
Anjeun kudu ngahukuman
Ku dzohirna caritaan
Jeung dzohirna kalakuan
-------------------------------------------
Jeung te kudu ngahukuman
Nu dina hate di simpen
Da taya nu uningaeun
Salian ti dzat pangeran
--------------------------------------------
Lamun dzohir kakaluan
Atawa dzohir ucapan
Aya anu ngabatalkeun
Nu disebut pamurtadan
------------------------------------------
Batal syahadat syar’anna
Sanajan ngucapkeun nana
Kana keucap syahadatna
Laku ucap nu murtadna
-----------------------------------------------
Kaya asup ka gareja
Dibarengan kungahaja
Atawa nyembah berhala
Kaya patung nu baheula
-----------------------------------------------
Ta’ripna syahadat munjin
Eta jalma nu ngucapkeun
Kalimah syahadattaen
Dibarengan patekadan
-----------------------------------------------
Teqad anu ma’rifatna
Jeung teqad anu tashdiqna
Netepan kana syaratna
Ma’rifat reujung tashdiqna
-----------------------------------------------
Ari syarat ma’rifatna
Kudu kumpul nu opatna
Ka hiji teqad jazimna
Patekadan nuyakqina
-----------------------------------------------
Lain teqad nuraguna
Atawa dugaannana
Anu teuaya mangmangna
Tapi gilig jeung yaqina
-----------------------------------------------
Ari syarat kaduana
Teu keuna owah gingsirna
Moal barobah teqadna
Hingga dugi kamaotna
-----------------------------------------------
Lamu nekadkeun ayeuna
Sabot usum jeung baturna
Jagamah kumaha engke
Mungkin tekad rek robahna
-----------------------------------------------
Kafirmateh tiayeuna
Da arek owah gingsirna
Hentu jadi ma’rifatna
Mungguhing gusti allohna
-----------------------------------------------
Syarat anu katiluna
Anu diteqadkeunnana
Kudu akur jeung buktina
Hentu nyalahan sifatna
-----------------------------------------------
Sifat ceuk ahli sunahna
Nu aya qur’an hadisna
Teu salahmeutakeun nanan
Akur reujeung akoidna
-----------------------------------------------
Margi kutu di wajibkeun
Nu haying syahadat munjin
Nyaho kana aqo’id iman
Bisi jeung aqo’id nyalahan
-----------------------------------------------
Lamun jazim jeung teqadna
Yen alloh pangeran nana
Yen muhamad teh rosulna
Ngan teu akur jeung buktina
-----------------------------------------------
Alloh nunyrupna badan
Bumi langit panyurupan
Didinya alloh nyicingan
Atawa na dihijikeun
-----------------------------------------------
Eta tekad nyulayaan
Reujeung buktina pangeran
Da alloh henteu butuheun
Kana tempat pangancikan
-----------------------------------------------
Nu kitu salah teqadna
Henteu akur jeung buktina
Hentu shah iman islamna
Mungguhing gusti allohna
-----------------------------------------------
Syarat anu kaopna
Kudu terang kana dalilna
Anu teu teurang dalilna
Eta teu sah ma’rifatna
-----------------------------------------------
Ari ceuk ibnu ‘arobiy
Jeung pendapat syeh sanusi
Anapon ceuk syeh dasuki
Taya dalil ma’rifat jadi
-----------------------------------------------
Dalil kadar kawajiban
Lain syarat kama’rifatan
Pikeun jalama nu kadugaeun
Kana dalilna mikirkeun
-----------------------------------------------
Kadua syahadat munjin
Kudu tashdiq nu ngucapkeun
Tashdiq aya dua rukun
Kahiji rukun idz dzi’an
-----------------------------------------------
Idz dzi’an eta ngakukeun
Ka alloh kuring mangeranan
Ku muhamad di nabian
Muhamad teh rosul kuring
-----------------------------------------------
Rukun tashdiq kaduana
Nyaeta kudu qobulna
Narima ajaran nana
Ti alloh jeung ti rosulna
-----------------------------------------------
Mun can bisa ngalakonan
Tapi hatemah nampanan
Rumaos kaleuleupatan
Eta kobul syahna iman
-----------------------------------------------
Terimakasih atas kunjungannya, jangan lupa untuk berkomentar .
والسلام عليكم و رحمة الله و بركاته
#MUSTOLIH

Komentar

Anonim mengatakan…
titanium arts
TATONIC ART CUSTOMING · TATONIC ROCKING T-TATONIC ROCKING T-TATONIC ROCKING T-TATONIC. This unique and 코인카지노실시간바카라사이트 original design 토토 사이트 is crafted with titanium metal trim the 출장안마 use of sustainable 메리트 카지노 고객센터

Postingan populer dari blog ini

TAQWA

Bismillaah wal Hamdulillaah ... Wa Laa Haula Wa Laa Quwwata illaa Billaah ... Taqwa ialah menjalankan segala perintah Allah SWT dan meninggalkan segala larangan-Nya untuk mengagungkan-Nya dengan semata-mata hanya mengharapkan Ridho-Nya. PERINTAH DAN WASIAT ALLAH SWT Taqwa adalah Perintah Allah SWT, sebagaimana firman-Nya : يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ  "Hai orang-orang yang beriman, bertaqwalah kepada Allah sebenar-benar Taqwa kepada-Nya." QS.3.Aali 'Imraan : 102. Taqwa juga merupakan Wasiat Allah SWT :  وَلَقَدْ وَصَّيْنَا ٱلَّذِينَ أُوتُوا۟ ٱلْكِتَٰبَ مِن قَبْلِكُمْ وَإِيَّاكُمْ أَنِ ٱتَّقُوا۟ ٱللَّهَ  "Dan sungguh Kami telah memerintahkan kepada orang-orang yang diberi kitab sebelum kamu dan (juga) kepada kamu; bertaqwalah kepada Allah."  QS.4.An-Nisaa - 131. PERAN DAN FUNGSI TAQWA Dinukilkan oleh Sayyid Ahmad Al-Hasyimi rhm dalam kitab Mukhtaarul Ahaadiits, bahwa Imam Abu Ya'la rhm meriwayatkan sebuah hadits dari Abu Sa...

Nadhom Rundayan Nabi

السلام عليكم و رحمة الله و بركاته Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat. Wajib ka jalma islamna uninga rundayanana jeung nabi utusan Alloh Muhamad puteara Abdulloh 2x Abdulloh putera Mutholib Mutholib puterana Hasyim Hasyim putera Abdi Manaf Abni Manaf putera Qushoy 2x Qushoy puterana Kilab Kilab puterana Murroh Murroh puterana Ka’ab Ka’ab puterana Lu’ay 2x Lu’ay puterana Gholib Gholib puterana Fihir Fihir puterana Malik Malik puterana Nadhor 2x Nadhor putera Kinanah Kinanah putera Khuzaimah Khuzaimah putera Mudrikah Mudrikah puterana Ilyas 2x Ilyas puterana Mudhor Mudhor puterana Nizar Nizar puterana Ma’ad Ma’ad puterana ‘Adnan 2x Nuwajib dugika ‘Adnan Haram nguningakeunana ti ‘Adnan dugika ka Adam Saba taya jalan shoheh 2x Wajib deui uningana Rundayana ti Ibuna jeung Nabi utusan Alloh Muhamad put...

NADZHOM NABI URANG SAREREA

السلام عليكم و رحمة الله و بركاته  Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat.  1 Nabi urang saréréa,  Kangjeng Nabi anu mulya,  Muhammad jenenganana,  Arab Kurés nya bangsana.  2 Ramana Gusti Abdullah,  Ibuna Siti Aminah,  dibabarkeunna di Mekah,  wengi Senén taun Gajah.  3 Robiul awal bulanna,  tanggal ka-dua belasna  April bulan maséhina,  tanggal kadua-puluhna. 4 Ari bilangan taunna,  lima ratus cariosna , tujuh puluh panambihna,  sareng sahiji punjulna.  5 Siti Aminah misaur,  waktos babarna kacatur,  ningal cahaya mani ngempur,  di bumina hurung mancur.  6 Parangina Kangjeng Nabi,  jatnika pinuh ku puji,  pinter tur gedé kawani  sabar nyaah ka sasami. 7 Keur opat taun yuswana,  diberesihan manahna,...