Langsung ke konten utama

NADZHOM NABI URANG SAREREA



السلام عليكم و رحمة الله و بركاته 




Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat. 
1 Nabi urang saréréa,
 Kangjeng Nabi anu mulya,
 Muhammad jenenganana,
 Arab Kurés nya bangsana. 

2 Ramana Gusti Abdullah,
 Ibuna Siti Aminah,
 dibabarkeunna di Mekah,
 wengi Senén taun Gajah. 

3 Robiul awal bulanna,
 tanggal ka-dua belasna
 April bulan maséhina,
 tanggal kadua-puluhna.

4 Ari bilangan taunna,
 lima ratus cariosna
, tujuh puluh panambihna,
 sareng sahiji punjulna. 

5 Siti Aminah misaur,
 waktos babarna kacatur,
 ningal cahaya mani ngempur,
 di bumina hurung mancur. 

6 Parangina Kangjeng Nabi, 
jatnika pinuh ku puji, 
pinter tur gedé kawani
 sabar nyaah ka sasami.

7 Keur opat taun yuswana, 
diberesihan manahna, 
nabi dibeulah dadana,
 malaikat nu meulahna. 

8 Jibril kadua réncangna 
Mikail jenenganana,
 ngeusikeun kana manahna,
 elmu hikmah sapinuhna. 

9 Tuluy dada Kanjeng Nabi, 
gancang dirapetkeun deui,
 sarta teu ngaraos nyeri,
 dicap ku Hotami Nabi. 

10 Rama Nabi kacaturkeun
 pupusna kacarioskeun 
basa Nabi dibobotkeun
 dua sasih kaunggelkeun

11 Kagenep taun yuswana
 ditilar pupus ibuna 
Nabi dirorok eyangna
 Abdul Mutalib asmana 

12 Kersana Rabbul’alamin
 Kangjeng Nabi nu prihatin
 yuswa dalapan taun yakin
 éyangna mulih ka batin 

13 Sabada wapat éyangna 
Nabi dirawat pamanna
 Abi Talib kakasihna
 sadérék teges ramana
 
14 Kangjéng Nabi sering pisan
 dicandak ka Nagara Sam
 sok nyandak barang dagangan
 di dinya téh pajeng pisan 

15 Kacatur di éta nagri
 loba pandita Yahudi
 sareng pandita Nasrani
 nu tepang jeung Kangjeng Nabi 

16 Sadayana sasauran
 ieu jalmi mo nyalahan
 pinabieun ahir jaman Torét
, Injil, geus ngiberan 

17 Sipat Nabi panganggeusan
 aya di anjeunna pisan
 harita loba nu iman
 ka Nabi ngangken panutan 

18 Karesepna Kangjeng Nabi
 ka Gusti Allah ngabakti
 di Gunung Hira maranti,
 ibadahna saban wengi. 

19 Di dinya jol kasumpingan, 
Jibril nu nurunkeun Kur’an,
 kalawan dawuh Pangéran, 
Nabi didamel utusan.

20 Harita yuswana Nabi,
 patpuluh taun kawarti,
 diutus ku Allah pasti,
 ngémbarkeun agama suci. 
21 Anu iman pangheulana,
 Siti Khodijah garwana, 
Abu Bakar kaduana
 sohabat nu pangmulyana

22 Murangkalih nu nonoman, 
anu pangheulana iman, 
Sayidina Ali pisan,
 ka Nabi sadérék misan. 

23 Jeung ari jalma beulian,
 anu pangheulana iman,
 Sayid Bilal kaleresan, 
anu jadi tukang adan.
24 Ari lolobana pisan
 ka Nabi téh ngamusuhan, 
nganiaya ngajailan,
 teu aya pisan ras-rasan. 
25 Nuju tanggal tujuh likur,
 bulan Rajab nu kacatur,
 runut kaol nu kamashur 
Kangjeng Nabi téh disaur. 

26 Dipapag ku malaikat, 
nyandak burok nu kasebat,
 leumpangna téh cara kilat,
 tutunggangan Nabi angkat. 

27 Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
 teu lami-lami antawis, 
ku jalmi henteu katawis, 
Kersana Gusti nu Wacis. 

28 Ti Baétul Makdis terasna,
 naék tangga saterusna,
 mi’raj téa kasebatna, 
ka langit Nabi sumpingna. 

29 Tujuh langit sadayana, 
sareng aras pangluhurna,
 disumpingan sadayana,
 katut surga-narakana.

30 Kangjeng Nabi ditimbalan,
 ku Gusti Nu Sipat Rahman,
 anjeunna kudu netepan,
 solat muji ka Pangéran. 

31 Sadayana jalmi iman,
 sami gaduh kawajiban,
 solat nu lima giliran,
 henteu meunang dikurangan
.
 32 Solat éta minangkana,
dina agama tihangna,
 jalmi nu luput solatna,
 nyata rubuh agamana.

 33 Kapir Mekah kacaturkeun,
 barang Nabi nyarioskeun,
 mi’raj lain dimulyakan,
 anggur pada nyeungseurikeun.

34 Pada hasud ngakalakeun,
 ti dinya Allah ngersakeun,
 Kangjeng Nabi dialihkeun, 
ka Madinah disirnakeun.

35 Para sohabat pirang-pirang, 
nu buméla milu iang, 
milu ngalih saabrulan, 
henteu pisan sumoréang.

 36 Tambih kamulyaan nabi,
 di madinah asal sepi,
 jadi ramé ku nu ngaji,
 muji ka Nu Maha Suci.
 
37 Sapuluh taun lamina, 
di Madinah jumenengna,
 agama Islam cahyana,
 gumebyar ka mana-mana. 

38 Ari mungguh Kangjeng Nabi,
 nyaahna langkung ti misti,
 ka umatna jaler istri, 
leuwih ti sepuh pribadi. 

39 Welas asih ka nu miskin,
 sumawon ka budak yatim,
 pada seubeuh ku paparin,
 kadaharan jeung pisalin. 

40 Akurna ka urang kampung,
 calik satata ngariung,
 tara angkuh jeung adigung
 sanajan ka urang gunung. 

41 Ka nu nandang kasusahan, 
gering jeung kapapaténan,
 ngalayad sarta ngubaran, 
ngajajapkeun ka kuburan. 

42 Manis saur manis budi,
 éstu mustikaning jalmi,
 sajagat mo’ mendak deui
 saé rupa jeung parangi.

 43 Raray lir bulan purnama,
 halisna lir katumbiri, 
waos lir inten widuri, 
salira harum wawangi.

44 Éstu kersaning Pangéran, 
lain seungit dimenyanan, 
karinget pada nandéan, 
diparaké seuseungitan.

 45 Pirang-pirang mujijatna,
 tawis kanabianana, 
Kur’an nu nomer hijina
 mujijat nu pangmulyana.

46 Tangkal nu pérang daunna,
 disiram urut abdasna,
 ngadadak loba buahna,
 sarta hirup saterasna.

47 Domba nu banget kuruna,
 sarta lalépét susuna,
 diusap ku pananganna, 
ngadadak juuh susuna 

48 Dina hiji waktos deui,
 sahabat bet kirang cai,
 teras baé Kangjeng Nabi, 
mundut cai anu kari 

49 Cai ngan sakedét pisan,
 éstu kabéh pada héran, 
Nabi neuleumkeun panangan, 
dumadak tuluy manceran.

50 Cai mancer loba pisan,
 ka luar tina panangan,
 sela-sela ramo pisan, 
cukup keur jalma réaan.

51 Ya Allah Nu Sipat Rohman, 
abdi téh iman ka Tuhan,
 teu aya deui Pangéran,
 lain ti Allah Nu Héman.

52 Nu ngadamel bumi-alam,
 rawuh jeung eusina pisan,
 nu wajib diibadahan,
 taya anu nyasamian. 

53 Sareng abdi iman deui,
 ka Muhammad Kangjeng Nabi, 
yén éta utusan Gusti,
 miwulang ka jalmi-jalmi. 

54 Nu sipat kapercantenan, 
wijaksana tur budiman, 
bener wungkul sasauran,
 lain saur kaheureuyan.

 55 Hurmat urang ka anjeunna, 
dina mangsa jumenengna,
 sareng sabada wapatna,
 éstu teu aya béntenna.

56 Duh Gusti jungjunan abdi,
 Sayidina Muhammad habibi,
 pamugi salira nampi,
ka nu hina diri abdi.

57 Abdi umat ahir jaman,
 anu banget panasaran,
 hoyong tepang ngadeuheusan,
 seja tumut serah badan.
#Mustolih

Komentar

Postingan populer dari blog ini

TAQWA

Bismillaah wal Hamdulillaah ... Wa Laa Haula Wa Laa Quwwata illaa Billaah ... Taqwa ialah menjalankan segala perintah Allah SWT dan meninggalkan segala larangan-Nya untuk mengagungkan-Nya dengan semata-mata hanya mengharapkan Ridho-Nya. PERINTAH DAN WASIAT ALLAH SWT Taqwa adalah Perintah Allah SWT, sebagaimana firman-Nya : يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ  "Hai orang-orang yang beriman, bertaqwalah kepada Allah sebenar-benar Taqwa kepada-Nya." QS.3.Aali 'Imraan : 102. Taqwa juga merupakan Wasiat Allah SWT :  وَلَقَدْ وَصَّيْنَا ٱلَّذِينَ أُوتُوا۟ ٱلْكِتَٰبَ مِن قَبْلِكُمْ وَإِيَّاكُمْ أَنِ ٱتَّقُوا۟ ٱللَّهَ  "Dan sungguh Kami telah memerintahkan kepada orang-orang yang diberi kitab sebelum kamu dan (juga) kepada kamu; bertaqwalah kepada Allah."  QS.4.An-Nisaa - 131. PERAN DAN FUNGSI TAQWA Dinukilkan oleh Sayyid Ahmad Al-Hasyimi rhm dalam kitab Mukhtaarul Ahaadiits, bahwa Imam Abu Ya'la rhm meriwayatkan sebuah hadits dari Abu Sa...

Nadhom Rundayan Nabi

السلام عليكم و رحمة الله و بركاته Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat. Wajib ka jalma islamna uninga rundayanana jeung nabi utusan Alloh Muhamad puteara Abdulloh 2x Abdulloh putera Mutholib Mutholib puterana Hasyim Hasyim putera Abdi Manaf Abni Manaf putera Qushoy 2x Qushoy puterana Kilab Kilab puterana Murroh Murroh puterana Ka’ab Ka’ab puterana Lu’ay 2x Lu’ay puterana Gholib Gholib puterana Fihir Fihir puterana Malik Malik puterana Nadhor 2x Nadhor putera Kinanah Kinanah putera Khuzaimah Khuzaimah putera Mudrikah Mudrikah puterana Ilyas 2x Ilyas puterana Mudhor Mudhor puterana Nizar Nizar puterana Ma’ad Ma’ad puterana ‘Adnan 2x Nuwajib dugika ‘Adnan Haram nguningakeunana ti ‘Adnan dugika ka Adam Saba taya jalan shoheh 2x Wajib deui uningana Rundayana ti Ibuna jeung Nabi utusan Alloh Muhamad put...