السلام عليكم و رحمة الله و بركاته
Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat.
Dupi nganiatan ngaos
Seueurna opat perkawis
Hiji niat karna Alloh
Ngalakonan paréntahan
Kaduana niat micen
Kabodoan awak abdi
Supaya janten salamet
Salamet dunya akhèrat
Katiluna pami tos timu
Niat badè dilakonan
Dilakonan ku sorangan
Sareng sadaya rèréncangan
Kaopatna niat ngaos
Ngahirup-hirup agami
Agamina kanjeng nabi
Nabi utusan ilahi
Robisysyroh lii shodrii
Wayassir lii amrii
Wahlul ‘uqdatan millìsaani
YafqoHu qoulii
Mugi Gusti ngajembarkeun
Ngalegakeun hatè abdi
Sing tiasa abdi nampi
Kana elmu anu suci
Sareng dipaparin cèkas
Émrès,ècés lisan abdi
Kana sadaya pituduh
Kanggo sadaya makhlukNA.
********
* Versi yang lain
1. Ari niat nyiar ilmu opat rupa#Tina hiji ogè omat ulah lupa
2. Hiji niat milari ridlona Gusti#Dua nyuprih bagja akhèrat nu pasti
3. Tilu seja ngahilangkeun kabodoan#Ti pribadi kaopatna tinu lian
4. Lima seja ngahirup-hirup agama#Kungajina tur ku ngawuruk sasama
5. Kagenepna nganiatan ngalanggengkeun#Kana agama Islam nu dimulyakeun
6. Katujuhna seja syukur ka Pangeran#Dipaparin ni’mat akal sèhat badan
7. Poma omat ulah aya pasejaan#Améh jalma madep ngahormat sampèan
8. Tawa ngarah engkèna loba nu ngondang#Diruka-reka amèh jadi nu kondang
9. Sarta ulah karana dunya barana#Ngarah amplop berekat nu hanteu lana
10. Deui omat tong karna hayang dihormat#Ku pejabat atawa sieun dipecat
11. Ogé tong karana pangkat kadunyaan#Prak jalankeun muga menang kabagjaan
#Mustolih

Komentar