Langsung ke konten utama

KHUTBAH SOLAT GERHANA DALAM BAHASA SUNDA

Bilih aya nu peryogi kanggo Khutbah Gerhana


KHUTBAH KA 1


اَلْحَمْدُ لله الَّذِيْ سَـخَّرَ لَكُمُ ٱلشَّمْسَ وَٱلْقَمَرَ دَائِبَيْنِ وَسَـخَّرَ لَكُمُ ٱلَّيْلَ وَٱلنَّهَارَ. أَشْهَدُ أَنْ لَا اِلَهَ إِلَّا الله وَحْدَهُ لا شَرِيك لَه شهادة تنجينا من عذاب النار ، وَأَشْهَدُ أَنّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسولُهُ صاحب الكرامة والنور، اللّهُمَّ صَلِّ و سَلِّمْ وَبارِكْ عَلَى سَيِّدِنا مُحَمّدٍ حبيب المختار وَعَلَى اَلِهِ وأصْحابِهِ وَالتَّابِعينَ بِإحْسانٍ إلَى دار البوار، أَمَّا بَعْدُ: فَيَايُّهَا اْلإِخْوَان الكرام، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ، قَالَ اللهُ تَعاَلَى فِي اْلقُرْآنِ اْلكَرِيْمِ: أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَانِ الرَّحِيْمِ: وَمِنْ ءَايَٰتِهِ ٱلَّيْلُ وَٱلنَّهَارُ وَٱلشَّمْسُ وَٱلْقَمَرُ، لَا تَسْجُدُوا۟ لِلشَّمْسِ وَلَا لِلْقَمَرِ وَٱسْجُدُوا۟ لِلَّهِ ٱلَّذِى خَلَقَهُنَّ إِنْ كُنتُمْ إِيَّاهُ تَعْبُدُونَ.
Hadirin, Kaum Muslimin nu dimulyakeun ku Alloh SWT.
Samagaha atawa Gerhana, ieu kajadian biasa, unggal taun sok aya, dina 5 taun sakali Gerhana Total, hartina ieu kajadian teu aneh, lantaran Bumi, Bulan, Panonpoe maluter, laleumpang, maka Samagaha Bulan nyaeta; Buleudan Bulan kahalangan ku Bumi waktu peuting, hingga cacaang Bulan kahalangan, poek sakeudeung, sabot leumpangna Bumi, Ari samagaha Panonpoe nyaeta; Cahaya Panonpoe kahalangan ku Bulan waktu beurang, maka Bumi poek sakeudeung salila leumpangna Bulan.
Uatamana pikeun urang sadaya, ieu kajadian samagaha janten sarana ibadah, nambihan amal kahadean, ku berjamaah Sholat sareng Khutbah. Tiasa Silaturahmi ngumpul bari dzikir, ngumpul bari munajat ka Alloh SWT. sasarengan babacaan, wiridan, nambihan pepelakan kanggo alaeun jaga di Surga.
Sajabi ti eta, kajadian samagaha sing janten pepeling, peringatan, yen Bumi, Bulan, Panonpoe, jeung sadaya planet katut bintang2 teu aya nu cicing, kabeh maluter, sadayana bergerak, laleumpang dina garis edarna, ieu mangrupi tanda kebesaran Alloh, tanda kakawasaan Alloh, tanda yen Alloh Maha Besar, Allohu Akbar, teu aya batasna.
Nandakeun urang teh leutik, manusa aya di dunya mang juta-juta, malah aya 7 milyar jumlah manusa ayeuna dina Buleudan Bumi nu ieu, sadayana dina aturan Alloh, sadayana ditungtung takdir Alloh, teu aya nu milu ngatur, teu aya nu interfensi kana aturan Alloh.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar Walillahil Hamdu.
Alloh ngadawuhdina surat Ali Imron ayat 190-191:
إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ لَآيَاتٍ لِأُولِي الْأَلْبَابِ() الَّذِينَ يَذْكُرُونَ اللَّهَ قِيَامًا وَقُعُودًا وَعَلَىٰ جُنُوبِهِمْ وَيَتَفَكَّرُونَ فِي خَلْقِ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ رَبَّنَا مَا خَلَقْتَ هَٰذَا بَاطِلًا سُبْحَانَكَ فَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
Hartosna; “Saestuna diciptakeun langit jeung Bumi, oge gunta gantina beurang jeung peuting eta jadi tanda kana kakawasaan Alloh pikeun jalma-jalma nu boga akal. Nyaeta jalma nu areling ka Alloh, bari nangtung, bari diuk, bari ngagoler, tafakkur mikiran diciptakeunanana langit jg bumi, Nun Ya Robbana; Gusti Pangeran abdi sadaya, Gusti ngadamel ieu sanes heuheureuyan, maha suci Gusti, mugi abdi sadaya diraksa tina siksa naraka”
Ieu dawuh Alloh jelas pisan kanggo urang sadaya, yen Langit Bumi di damel ku Alloh, aya beurang aya peuting, kudu jadi pikiran, kudu di tafakuran, kudu dikaji secara ilmiyah, da Alloh ngadamelna sanes heureuy, Alloh ngadamelna pikeun kahirupan manusa, manusa dibere akal, maka kudu digunakeun pikeun mikir ieu ciptaan Alloh.
Supaya sadar, yen manusa dijieun pikeun ibadah, manusa diciptakeun pikeun bakti kanu Maha Suci, ieu langit bumi katut eusina siap ngawulaan manusa, siap jadi fasilitas jeung sarana pikeun manusa nu ibadah, manusa nu nyembah ka Alloh.
Tafakkur sanes ngalamun, Tafakkur mah, saperti ningali Laut, kumaha legana laut?, timana caina?, kumaha manfaatna pikeun manusa?, nepika diri sadar, eling, yen Laut teh ciptaan Alloh nu loba manfaatna pikeun manusa, sadar jeung eling yen urang teh diparaban ku Laut, di fasilitasi pikeun transportasi, pikeun rekreasi, tuluy sadar yen ieu fasilitas ti Alloh lain guguyon, tapi karunia nu wajib di syukuran, urang wajib ngahaturkeun nuhun ka Alloh ku ayana laut, bersyukur ku jalan ibadah ka Anjeuna.
Lamun ningali laut kalahka ngalamun, lamun urang bisa ngojay, lamun bisa teuleum, lamun bisa newakan lauk tijero laut, meureun untung gede, tah eta mah ngalamun, sanes tafakkur.
أَفَلَا يَنظُرُونَ إِلَى الْإِبِلِ كَيْفَ خُلِقَتْ {17} وَإِلَى السَّمَاء كَيْفَ رُفِعَتْ {18} وَإِلَى الْجِبَالِ كَيْفَ نُصِبَتْ {19} وَإِلَى الْأَرْضِ كَيْفَ سُطِحَتْ {20} فَذَكِّرْ إِنَّمَا أَنتَ مُذَكِّرٌ
Tina kajadian samagaha ayeuna, ditafakuran, kumaha akbarna Alloh? Kumaha Gagahna Alloh, majukeun Bulan jeung Panonpoe jeung kabeh bentang2 teu tabrakan, angger dina Burujna masing-masing. Maha di atas Maha, Kawasa di atas kawasa, hingga yakin dina hate yen wungkul Alloh nu Maha Perkasa nu wajib di sembah, wungkul Alloh nyalira nu sakti Maha Digjaya, Maha ngersakeun, sagala rupa aya dina katangtuan Alloh.
Najan manusa pinter, bisa mikir, gede tanaga, kawasa di hiji daerah, di hiji nagara, tapi di bere pilek, batuk, asup angin, nyeri awak, tetep neangan dokter, tetep teu walakaya, taya tangan pangawasa, ngajoprak, ngajengjehe, ngagoler dina pangsarean bari menta tulung ka kulawarga ka dulur jeung tatangga.
Mun geus ngarasa gering, ngarasa loba kasakit, ngarasa loba katugenah, ngarasa loba papait, kakara eling ka Alloh, kakara sadar yen diri teh boga Pangeran nu kudu dipuntangan.
Geuwat geura mangpang meungpeung..
اغتنمْ خمسًا قبل خمسٍ شبابَك قبل هرمكَ وصحتَك قبل سَقمِكَ وغناكَ قبل فقرِك وفراغَك قبل شغلِك وحياتَكَ قبل موتِكَ
 meungpeung sehat memeh gering, meungpeung hirup memeh maot, meungpeung beunghar memeh fakir, meungpeung ngora memeh rarempo, meungpeung kuat memeh namru teu walakaya.
Maot ngadodoho, ajal teu aya nu terang, dihin pinasti anyar pinanggih, titis tulis bagja diri, hirup manusa aya dina kulak canggeum nu kawasa.
Samagaha ayeuna sing janten emutan, sing janten jalan tafakur, jalan dzikir, bisi datang kajadian nu leuwih tikieu, da ayeuna mah kakara aya gempa saeutik ge, meni rariweuh, loba nu panik, loba nu cilaka ku polahna sorangan, eta lantaran loba teuing dedengean tina berita, tina Hoak, yen aya Sunami, aya angin Topan Elnino, maka jadi panik, poho kana dzikir, poho kana babacaan, kalaluar ti imah bari sagala diringkid, sieun paur, ku lini, ku gempa.
Ari kitu mun jagat ieu digonjlang ganjling, lini sapuluh menit teu eureun-eureun rek lumpat ka mana? Rek nyumput kamana?, kumaha lamun taneuh nu ditincakna Beulah, gununung rugrug? Aya pang lumpatan?, nya komo mun Qiyamah, Panonpoe, Bulan, Bentang talabrakan,
إِذَا زُلْزِلَتِ الْأَرْضُ زِلْزَالَهَا (1) وَأَخْرَجَتِ الْأَرْضُ أَثْقَالَهَا (2) وَقَالَ الْإِنْسَانُ مَا لَهَا (3
 Zulzilatil Ardu Zilzalaha, Na’udzu Billah, mugi urang sadaya diraksa ku Alloh SWT.
Mugi-mugi urang sadaya dipasihan jiwa nu salawasna eling ka Mantena, dipasihan Taufik sareng Hidayah, tiasa ngalaksanakeun sagala parentahna, tiasa nebihan sagala nu dilarang ku Anjeuna, tiasa ngelehkeun nafsu nu ngaberung, tiasa mengkek kahayang, tiasa ngajaga awak tina dosa, tiasa ngajaga soca tina maksiat, tiasa ngajaga biiwir tina ngupat, tiasa ngajaga farji tina zina, tiasa ngajaga sadaya anggota tubuh tina laku nu dilarang ku Alloh.
Ya Alloh, mugi solehkeun abdi sadaya, turunan abdi sadaya, teu aya nu di rindukeun ku abdi sadaya kajabi rohmat sareng maghfiroh Gusti, pasihkeun pangampura Gusti, pasihkeun kanyaah Gusti ka badi sadaya, hingga abdi sadaya tiasa istiqomah di deuheus ka Gusti, tiasa istiqomah dina ibadah, tiasa istiqomah nyepeng agama dugika Husnul Khotimah, Amin Ya Robbal Alamin.
بارك الله لى ولكم بالقرآن العظيم ونفعنى واياكم بما فيه من الآيات والذكر الحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم وقل رب اغفر وارحم وأنت أرحم الراحمين

                              KHUTBAH KA2
أَلْحَمْدُ للهِ، نَحْمَدُه ونستعينُه ونستغفرُهُ، ونعوذُ به مِن شُرُورِ أنفُسِنَا وَمِنْ سيئاتِ أعْمَالِنا، مَنْ يَهْدِه الله فَلا مُضِلَّ لَهُ، ومن يُضْلِلْ فَلا هَادِي لَهُ، أَشْهَدُ أنْ لا إلَهَ إلا اللهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ، وأشهدُ أنَّ مُحَمَّدًا عبْدُه ورَسُولُه، اَللَّهُمَّ صَلِّى عَلَى مُحَمَّدٍ وَ عَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَ الهُدَى الى يوم القيامة. أمَّا بَعْدُ.
فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ، وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَاكم وزجر. وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآِكَتِهِ بِقُدْسِهِ، وقال تعالى : قُلْ أَرَأَيْتُمْ إِنْ جَعَلَ اللَّهُ عَلَيْكُمُ اللَّيْلَ سَرْمَداً إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ مَنْ إِلَهٌ غَيْرُ اللَّهِ يَأْتِيكُمْ بِضِيَاءٍ أَفَلا تَسْمَعُونَ . قُلْ أَرَأَيْتُمْ إِنْ جَعَلَ اللَّهُ عَلَيْكُمُ النَّهَارَ سَرْمَداً إِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ مَنْ إِلَهٌ غَيْرُ اللَّهِ يَأْتِيكُمْ بِلَيْلٍ تَسْكُنُونَ فِيهِ أَفَلا تُبْصِرُونَ .  وَمِنْ رَحْمَتِهِ جَعَلَ لَكُمُ اللَّيْلَ وَالنَّهَارَ لِتَسْكُنُوا فِيهِ وَلِتَبْتَغُوا مِنْ فَضْلِهِ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ.
وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلِى، وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. رَبَّنَا إِنَّنَا سَمِعْنَا مُنَادِياً يُّنَادِى لِلْإِيْمَانِ أَنْ آمِنُوْا بِرَبِّكُمْ فَآمَنَّا. رَبَّنَا فَغْفِرْلَنَا ذُنُوْبَنَا وَكَفِّرْ عَنَّا شَيِّئَاتِنَا وَتَوَفَّنَا مَعَ الْأَبْرَارِ. رَبَّنَا لَاتُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ إِذْهَدَيْتَنَا وَهَبْ لَناَ مِنْ لَّدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ. رَبَّناَ إِنَّكَ جَامِعُ النَّاسِ لِيُوْمٍ لَّا رَيْبَ فِيْهِ إِنَّكَ لَاتُخْلِفُ الْمِيْعَاد. رَبَّنَا لَاتُؤَاخِذْنَا اِنْ نَّسِيْنَا أَوْ أَخْطَأنَا. رَبَّنَاوَلَاتَحْمِلْ عَلَيْنَا اِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِنَا. رَبَّنَاوَلَاتُحَمِّلْنَا مَالَاطَاقَةَ لَناَ بِهِ. وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْلَناَ وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلَانَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

TATACARA SHOLAT SAMAGAHA
Sholat Samagaha hukumna Sunnat Muakkad, tapi mun ayeuna teu kapigawe teu kudu Qodo.
Sholat Samagaha dua roka’at, dina tiap roka’at aya 2x Ruku’ jeung 2x maca Faihah. Bacaanana sing panjang, Ruku’ Sujud sing panjang, tuluy Khutbah dua.
Bacaan
Fatihah dina samagaha Bulan ditarikeun (Jahar), dina samagaha panonpoe dilaunkeun (Sir).
Syarat Sholat, sami sareng Sholat 5 waktu, kudu boga Wudu nyanghareup ka Qiblat jeung tutup orat.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

TAQWA

Bismillaah wal Hamdulillaah ... Wa Laa Haula Wa Laa Quwwata illaa Billaah ... Taqwa ialah menjalankan segala perintah Allah SWT dan meninggalkan segala larangan-Nya untuk mengagungkan-Nya dengan semata-mata hanya mengharapkan Ridho-Nya. PERINTAH DAN WASIAT ALLAH SWT Taqwa adalah Perintah Allah SWT, sebagaimana firman-Nya : يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ  "Hai orang-orang yang beriman, bertaqwalah kepada Allah sebenar-benar Taqwa kepada-Nya." QS.3.Aali 'Imraan : 102. Taqwa juga merupakan Wasiat Allah SWT :  وَلَقَدْ وَصَّيْنَا ٱلَّذِينَ أُوتُوا۟ ٱلْكِتَٰبَ مِن قَبْلِكُمْ وَإِيَّاكُمْ أَنِ ٱتَّقُوا۟ ٱللَّهَ  "Dan sungguh Kami telah memerintahkan kepada orang-orang yang diberi kitab sebelum kamu dan (juga) kepada kamu; bertaqwalah kepada Allah."  QS.4.An-Nisaa - 131. PERAN DAN FUNGSI TAQWA Dinukilkan oleh Sayyid Ahmad Al-Hasyimi rhm dalam kitab Mukhtaarul Ahaadiits, bahwa Imam Abu Ya'la rhm meriwayatkan sebuah hadits dari Abu Sa...

Nadhom Rundayan Nabi

السلام عليكم و رحمة الله و بركاته Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat. Wajib ka jalma islamna uninga rundayanana jeung nabi utusan Alloh Muhamad puteara Abdulloh 2x Abdulloh putera Mutholib Mutholib puterana Hasyim Hasyim putera Abdi Manaf Abni Manaf putera Qushoy 2x Qushoy puterana Kilab Kilab puterana Murroh Murroh puterana Ka’ab Ka’ab puterana Lu’ay 2x Lu’ay puterana Gholib Gholib puterana Fihir Fihir puterana Malik Malik puterana Nadhor 2x Nadhor putera Kinanah Kinanah putera Khuzaimah Khuzaimah putera Mudrikah Mudrikah puterana Ilyas 2x Ilyas puterana Mudhor Mudhor puterana Nizar Nizar puterana Ma’ad Ma’ad puterana ‘Adnan 2x Nuwajib dugika ‘Adnan Haram nguningakeunana ti ‘Adnan dugika ka Adam Saba taya jalan shoheh 2x Wajib deui uningana Rundayana ti Ibuna jeung Nabi utusan Alloh Muhamad put...

NADZHOM NABI URANG SAREREA

السلام عليكم و رحمة الله و بركاته  Alhamdulilah kali ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat.  1 Nabi urang saréréa,  Kangjeng Nabi anu mulya,  Muhammad jenenganana,  Arab Kurés nya bangsana.  2 Ramana Gusti Abdullah,  Ibuna Siti Aminah,  dibabarkeunna di Mekah,  wengi Senén taun Gajah.  3 Robiul awal bulanna,  tanggal ka-dua belasna  April bulan maséhina,  tanggal kadua-puluhna. 4 Ari bilangan taunna,  lima ratus cariosna , tujuh puluh panambihna,  sareng sahiji punjulna.  5 Siti Aminah misaur,  waktos babarna kacatur,  ningal cahaya mani ngempur,  di bumina hurung mancur.  6 Parangina Kangjeng Nabi,  jatnika pinuh ku puji,  pinter tur gedé kawani  sabar nyaah ka sasami. 7 Keur opat taun yuswana,  diberesihan manahna,...